23 Okt 2013

Bewara (Pengumuman)

Bewara/wawaran/embaran/pengumuman bisa ditepikeun sacara lisan jeung tulisan.
sipat-sipat bewara : 
  1. Langsung (to the point)
  2. Informatif (ngandung informasi)
  3. Faktual (aya faktana)
  4. Aktual (haneut/teu basi)
  5. Jelas/jentre/merele
Conto :
  • DIUNINGAKEUN ka siswa-siswi kelas X sareng XI, saha-saha anu nulis hiji karangan sarta eta karanganna sae tur bisa dimuat dina koran/majalah Sunda, dijamin peunteun basa Sundana bakal SAE!!! ku kituna, upami aya anu gaduh karangan naon bae dina basa Sunda sanggakeun ka Bapa!!
  • Assalamualaikum... punten aya sakedik bewara. Kanggo siswa kelas XI anu minat kana kasenian tradisional Sunda, tiasa ngagabung kana ekstrakurikuler Seni Tradisional. kagiatanana unggal dinten Jumaah tabuh 13.00. Diantos partisipasina! Wassalamualaikum
Kecap anu di pake di awal biasana :
  1. DIUNINGAKEUN..........
  2. HATUR UNINGA..........
  3. DIBEWARAKEUN..........
  4. BEWARA ...........
  5. AYA BEWARA.......
  6. PENGUMUMAN.....
  7. jst
 RAIHAN M.H

Tidak ada komentar:

Posting Komentar